Thursday, August 9, 2018

4 Cerpen Bahasa Sunda Yang Terbaik|KEREN!!

Cerpen Bahasa Sunda

Berikut ini merupakan kumpulan Cerpen Bahasa Sunda terbaru karya para sahabat cerpenmu yang telah diterbitkan, total diketemukan sebanyak 41 cerita pendek untuk kategori ini.
Untuk mencari cerita pendek (Cerpen) berdasarkan kata kunci tertentu, Kamu bisa gunakan Kotak pencarian di bawah ini!

1.Pilot Nu Kasasar

Cerpen Karangan: 
Articel: Cerpen Bahasa Sunda
Lolos moderasi pada: 8 November 2017
Di hiji hutan aya 3 urang pilot anu salamet tina kecelakaan pesawatna. Maranehna hayang balik tapi teu apal jalan kaluar. Disaat perjalanan balik anu dikira kira, aya suku sekitar anu kalahkah ngepung 3 pilot eta.
“saha maraneh?” ceuk suku eta, anggap we bisaeun basa sunda.
“kuring pilot anu kasasar, tulung bantuan arurang. urang hayang balik, cik bejaan jalan kaluarna.”
“ngenah wae geus aya di dieu terus hayang balik sangeunahna” ceuk suku anu teu nga bespren.
“lamun maraneh hayang balik. sok bawa keun urang 10 buah nu aya di hutan. tapi lamun eta buah anu salah jang dibawa maraneh bakal maot di dieu” lanjutan si suku anu mere syarat ka 3 pilot sabari nyingsieunan.
“okeylah urang mencar neangan 10 buah anu beda.” sabari ngomong antara pede jeung asa asa.
Caritana si pilot kahiji datang mawa buah apel. “yeuh urang mawa 10 buah apel nu ku maneh diparentahkeun.”
“sok asupkeun 10 apel eta kana liang irung maneh tapi tong sabari ngomong taupun seuri ngarti pan”. lamun apel kan hese, jadi pilot kahiji gugur alias maot da dibunuh.
Datang pilot ka dua mawa 10 lengkeng. aah ieu mh lumayan leutik mereun haha. pas diabuskeun ti lengkeng ka hiji nepi ka salapan mah bisa, tapi pas nu ka sapuluh teu bisa. gugur we maot.
Pas di akherat maranehna papanggih di ditu teh nyarita.
“heh pilot kahiji naha maneh but bisa gugur?”
“heeh da urang mah mawana apel jadi hese. ai maneh mawa buah naon?”
“mawa buah lengkeng”
“har buah lengkeng mah pan leutik bisa asup mereuun”
“heeh pan urang teh rek ngabuskeun lengkeng nu kasapuluh. eeeh urang kalahkah seuseurian terbahak bahak pedah ningali si pilot katilu mawana 10 buah duren”
“hahahaha”
Sekian dan terimakasih atas waktunya. mohon maaf jika ada salah salah kata. mohon dimaklumi…
Cerpen Karangan: Zahra Rinjanianti
Facebook: Zahra Rinjanianti
follow ig abdinya luurd @Zahraa3726 hehe
Cerpen 3 Pilot Nu Kasasar merupakan cerita pendek karangan , kamu dapat mengunjungi halaman khusus penulisnya untuk membaca cerpen cerpen terbaru buatannya.




2.Jidar Pateuh

Cerpen Karangan: 
Articel: Cerpen Bahasa Sunda
Lolos moderasi pada: 29 August 2017
“Kahirupan teu saukur nafas, simkuring nu sakieu ayana, teu tiasa walakaya, iwal ti usaha, ngabarengan du’a ka maha kuasa. Hiji jidar nu ku simkuring pilah, di toko buku sabelah, pateuh dina kagunaanna. Jidar nu sabenerna taya salah, nu ngagaduhan lobi-lobi mangfaat, tega diakhiran gunana, kantos teu tiasa dicandak mangfaatna, dina ngagambar rupa, bangunan-bangunan cakrawala, nu janteun cita cita, redup taya guna, karena jidar nudipkahareup, dipateuhkeun taya tega, ku panangan-panangan jahil taya tatakrama…” manawi eta penggalan syair nu ku simkuring tulis dina hiji buku harian simkuring, pami bade dijabarkeun eta penggalan syair, panjangna tiasa ngaleuwihan novel hehee.
Kunaon simkuring ngadamel eta syair dina buku harian, karena supados simkuring tiasa nuangkeun sadaya amarah simkuring, sadaya emosi kuring, kana wangun tulisan supados taya nu kedah narima karugian deui dina sadaya emosi kuring. Sapada aya jalmi nu teu tiasa ngontrol emosi, sagala nu di sakitarna, dijanteunkeun pelampiasan nu taya gunana. Jidar nu sabenerna taya salah, dipateuhkeun ku jalmi eta, karena abdi nu teu tiasa ngalakonan kahoyongna dina ngagambar rupa bangunan-bangunan cakrawala, nu ditugaskeun ku guru kuring produktif SMK. Eta jidar nu hiji-hijina dipikagaduh, hiji-hijina harepan nu aya didinya, pudar sakantos ningal palebah eta panggaris dipateuhkeun sakitu hebatna, teu mikiran sebab akibatna eta jalmi mateuhkeun jidar nu teu aya salahna.
Sataacan na eta jidar pateuh dipeser ku abdi di hiji toko sabeulah, aya Saminggu abdi ngangsur-angsur artos, nabung nepika padaharan kembung, tara jajan iwal ti nuang cai herang, dina botol pambawa ti rompok. Sampe akhirna abdi tiasa meser eta jidar, nu janten dipikaharep ku simkuring dina ngejar cita-cita. Kiwari eta jidar pateuh, ngajanteunkeun abdi nalangsa taya daya, mateuhkeun oge iyeu manah dina ningalna eta jidar dipateuhkeunnana. Abdi cuma tiasa cicing taya ucap ningal nalika eta panggaris kantos taya guna.
Uih ti sakola, abdi cuma tiasa ngadu’a ka maha kuasa, pikeun mugia henteu ngajanteunkeun iyeu emosi ngaluap kamana-mana, iwal ti simkuring nyalira nu ngaraosanana, serta ngajanteunkeun supados eta jalma dipasihan hidayah wal inayah ku Gusti nu Maha Agung, sehingga teu ngalakukeun perbuatan nu tadi manehna lakukeun ka simkuring, mugia oge Allah masihan gantina dina iyeu cobian nu dipasihanana. Sehingga simkuring tiasa ngalanjutkeun usaha nu pernah pateuh hareupan di tengah jalan kahirupan nu teu saukur nafas, ngajalankeun kawajiban nungtut elmu, kanggo ngejar cita-cita. Amiin.
Cerpen Karangan: Anggi Ahmad Fauzi
Facebook: www.facebook.com/a.aahmadfauzi
Cerpen Jidar Pateuh merupakan cerita pendek karangan , kamu dapat mengunjungi halaman khusus penulisnya untuk membaca cerpen cerpen terbaru buatannya.




3.Susukan Emas

Cerpen Karangan: 
Articel: Cerpen Bahasa Sunda
Lolos moderasi pada: 19 August 2017
Aya hiji carita, di desa Legok Hanyir! Di desa Legok Hanyir teh aya susukan ageung, caina herang, susukan eta sok dianggo kagiatan mandi cuci kakus ku warga, tapi susukan eta teh kawanoh rada angker.
Hiji poe mang Dodol ngaliwat ka susukan eta peuting-peuting, pas mang Dodol ngaliwat kadinya, kadenge aya sora awewe keur seuseurian, mang Dodol langsung ngorejat, makin kalilaan sorana makin tarik, malah nambahan aya sora plung, krubuk-krubuk, plung, krubuk-krubuk, puguh we mang Dodol teh makin sieun, keur mah susukan eta teh katelah rada angker, katambah aya sora aneh. Becir we mang Dodol teh.
Ka isukanana, mang Dodol langsung nyaritakeun kajadian anu kaalaman ku anjeunna ka tatangga-tatanggana. Jadi weh rame di desa Legok Hanyir teh, ku sabab warga Legok Hanyir teh pada panasaran, pas peutingna kabeh warga datang ka susukan eta, hayang ngabuktikeun anu dicaritakeun ku mang Dodol.
Pas geus rada jauh, kadenge aya sora nu aneh, kabeh warga rareuwas, tapi saking ku panasaran, warga neangan asal muasal sora eta. Pas disidik-sidik, sora eta teh aya di tukangeun tangkal anu dekeut ka susukan. Ari pas ditingali, geuningan eta teh nini Iteung keur setor, sora awewe seuseurian teh, sora nini Iteung keur ngahejeun, ari sora krubuk-krubuk mah sora beuteungna, ari sora plung mah sora tina rokrak anu dikaluarkeun ku nini Iteung.
Cerpen Karangan: Siti Nuraeni
Facebook: Siti Nuraeni
Cerpen Susukan Emas merupakan cerita pendek karangan , kamu dapat mengunjungi halaman khusus penulisnya untuk membaca cerpen cerpen terbaru buatannya.



4.Nineung

Cerpen Karangan: 
Articel: Cerpen Bahasa Sunda
Lolos moderasi pada: 24 July 2017
Katumbiri luhureun langit belah kulon lila kalilaan katémbongna samar. Keusik di basisir poé ayeuna baseuh ku cai hujan. Sagara nu katingali satungtung deuleu ku panon kuring warna na bodas nyacas. Pias jiga biwir jelema nu keur gering. Ma’lum we da karak beres hujan matak kitu ogé.
Sora ombak ngaguruh lir ibarat sora rampak kendang nu ditabeuh ku nayaga. Katingali éta ombak téh lulumpatan paheula-heula nepika sisi basisir. Ningali ombak nu datang ti sagara, teuing kunaon ieu suku bet hayang leumpang némbongan.
Ombak nu tadina ngagulidag badag beuki lila beuki ngaleutikan. Tungtungna ngan mapagkeun rébuan busa nu ngélékéték tapak suku kuring. Rét kuring nempo ka tengah sagara, ti kajauahn katingali aya parahu nu keur angkleung-angkleungan sorangan. Haté kuring nyereset jiga kasura ku awi beulah. Cai panon teu ujug-ujug ngeyembeng. Ingetan kuring ngawang-ngawang ka sababaraha taun katukang
Masih keneh kagambar kaayan poé éta. Panon poé acan moncorong. Sarangéngé masih keneh saré disimbutan ku mega jeung halimun peuting.
Bapa keur diuk di tepas imah sabari ngomékeun kecrikna. Dibebener sangkan teu pajeulit. Ieu pagawéan bapa sapopé téh. Bapa gawé jadi pamayang, da ngan eta hiji-hijina pagawéan nu bisa dilakonan ku urang sabudeureun basisir Jayanti, Cianjur.
Kuring geus teu boga indung, indung kuring nilar dunya basa ngalahirkeun adi kuring si Ajip. Jadi ngan bapa hiji-hijina kolot kuring téh. Bapa umurna geus kalintang kolot. Awakna geus leungiteun daging, kari kulitna hungkul jeung tulang. Lamun misalkeun bapa keur teu dibaju sok katingali tulang iga na téh. Tapi sanajan umurna geus kolot, bapa mah tetep kénéh wé sumanget néangan duit keur parabeun dua anakna.
Kuring pernah ngomong ka bapa jang eureun jadi pamayang. Geus waktuna bapa reureuh cicing di imah. Ayeuna kuring geus gede, geus bisa ngala duit sorangan. Tapi keukeuh bapa embung, majar téh cenah bapa néangan duit keur hajatkeuneun kuring kawin engké jeung kang Amir. Ari geus kitu mah kuring sok teu bisa nanaon. Da bapa mah jelemana ajeg pamadegan, mun ceuk manehna kitu nya kitu. Ulah aya anu ngarobah, kudu nurutkeun naon anu ceuk manéhna diomongkeun.
“Sri, cik kadieu heula sakeudeung”
Bapa ngagorowok ti tepas imah. Kuring nyampeurkeun manéhna tuluy gék diuk gigireun bapa anu geus siap sagalana jang indit néangan lauk di sagara.
“Aya naon pak?”
“Euweuh nanaon, ngan bapa rék mangkat ayeuna”
“Nya atuh ari kitu mah. Cing salamet nya pa”
Némbal kitu bapa neuteup kuring. Cai panonna ngeyembeng teu ujug-ujug. Tuluy bapa teh ngusapan embun-embunan kuring lalaunan.
“Hampura bapa nya, bapak téh can bisa keneh nyugemakeun manéh jeung si Ajip. Bapa ngan sakieu kaayaanna. Cing rido nya geulis hirup peurih jeung bapa”
“Har.., ari bapa kunaon maké bet ngomong kitu ka Sri? Kuduna Sri nu ménta hampura ka bapa da nyusahkeun waé ti leuleutik nepika ayeuna”
“Henteu, bapa mah teu ngarasa disusahkeun. Bapa mah rido gawé dug hulu pet nyawa jang maneh jeung si Ajip teh. Da geus kawajiban bapa ieu mah”
Kuring cicing, teuing kunaon bet asa hayang ngagoak ceurik.
“Cik dengékeun bapa nya, ayeuna maneh anak nu pang badagna. Bapa nitip si Ajip ka manéh. Bapa percaya ka maneh da geningan nu katempo ku bapa mah manéh téh nyaah pisan ka si Ajip” ceuk bapa.
“Tuluy manéh kudu bisa terus raket jeung si Amir. Si Amir téh jelema bageur. Sanajan manéhna lain jelema beunghar tapi da nyaaheun ka manéh geningan. Bapa geus nitipkeun maneh ka si Amir, bapa geus percaya ka si Amir jang ngajagaan maneh mun misalna bapa geus euweuh”
“Ari bapa kunaon maké bet ngomong kitu? Sok aya-aya waé bapa mah”
“heueuh ieu mah bapa ngan sakur ngomong hungkul ka maneh. Geus ah, bapa rek indit. Éta laukna bisi kaburu ararindit manten”
“Nya atuh, ké dagoan. Sri geus masak jang bekel bapa engke dahar beurang”
Kuring asup ka jero imah, mawa rantang nu geus aya eusina tuluy dibikeun ka bapa. Basa bapa rek ngalengkah indit, gorowok si Ajip ti jero imah ngageroan. Berebet manéhna lumpat.
“Bapa badé angkat ayeuna?” tanya si Ajip.
“heeh, kunaon kitu”
“henteu, Ajip hegaé ngiring teu pa? Kabeneran poé ayeuna Ajip peré sakola da guruna keur ka Bandung”
“Ulah, geus wé maneh cicing di imah. Mun henteu ngilu jeung lanceuk maneh ngabantuan kang Amir dagang lauk di pasar.”
“Nya ntos atuh ari kitu mah, ngan kieu pa. Ajip téh butuh duit jang meuli buku pangajaran. Ajip téh aya sih duit mah, ngan kurang satengahna deui”
“Sabaraha harga bukuna?”
“Genep puluh rebu, Ajip ngan boga duit tilu puluh rebu pa”
Bapa ngarampaan pésak calanana tuluy ngusiwelkeun duit sapuluh rebuan tilu tina pésakna.
“Nuhun nya pa” ceuk si Ajip bari tuluy asup deui ka imah.
“Kade duitna ulah dipake meuli roko jeung meuli nu sejenna. Bayarkeun duitna jang buku”
“Nya pa” cenah, manehna ngajorowok tarik ti jero imah.
“Kade nya Sri, inget naon anu diomongkeun ku bapa tadi. Sakali deui bapa nitip si Ajip kamanéh.”
Geus kitu mah bapa teh leumpang deui ngajauhan kuring. Kuring ningalikeun leumpangna bapa nyampeurkeun parahu leutikna. Teu karasa we parahu teh beuki lila beuki jauh tuluy leungit di sagara.
Kuring teu nyangka, éta téh sabenerna obrolan kuring anu panungtungan jeung bapa. Kuring teu nyangka yén usapan harita dina embun-embunan kuring ti bapa téh anu pamungkas. Saprak harita bapa teu balik deui. Bapa ngaleungit di sagara. Teuing kumaha nasibna bapa.
Tina kajadian ieu kuring sadar, urang salaku jelema ulah ngalalaworakeun waktu. Komo waktu jeung kolot mah. Mun upamana aya kasempetan jang ngobrol paduduaan jeung kolot ulah ditinggalkeun. Ulah mentingkeun hal anu sejen salian ti kolot.
Pa, hatur nuhun kana sagala rupa anu tos dipashkeun ku bapa ka abdi. Hapunten upami abdi ngan bisa nyusahkeun bapa. Abdi mah ngan bisa masihkeun dua jang bapa ayeuna. Sakali deui, abdi ngahaturkeun mangréwu-réwu nuhun.
Abdi sono ka bapa…
Cerpen Karangan: Zulfikar Alamsyah
Blog: alamsyahstory.blogspot.com
Seorang penulis yang memiliki mimpi yang besar.
Cerpen Nineung merupakan cerita pendek karangan , kamu dapat mengunjungi halaman khusus penulisnya untuk membaca cerpen cerpen terbaru buatannya.

No comments:

Post a Comment